Kromium nyaéta hiji unsur kimia dina tabél périodik anu miboga lambang Cr jeung nomor atom 24.[1] Kromium mangrupa logam ngagurilap, getas jeung heuras, sarta warnana pérakkulawu.[2] Nalika dipanaskeun, kromium ngabentuk oksida kromat héjo.[2] Ieu logam teu stabil kana oksigén jeung geuwat ngahasilkeun lapisan oksida ipis.[2] Kromium ditambang minangka bijih kromit (FeCr2O4).[2] Panambangan bijih kromium di antarana nyangkaruk di Afrika Kulon, Zimbabwé, Finlandia, India, Kazakhstan, jeung Filipina.[2] Pamakéan utama kromium nyaéta minangka paduan logam siga dina pada stainless steel, chrome plating, jeung keramik logam.[2]Chrome plating pernah dipaké pikeun méré lapisan kaperakan siga eunteung dina waja.[2] Kromium dipaké dina métalurgi minangka anti tihiangan sarta méré éfék ngagurilap.[2]